🐷 Usik Malik Na Ku Dalang
Penyanyi: Oon Panas nu sakieu mentrang Sugan teh moal rek hujan Sono bogoh anu urang Geuningan teu bisa manjang Asa dina pangimpian Urang jadi pipisahan Kadeudeuh nu nyangreud pageuh Kiwari talina udar Urang teu bisa embung Najan ka gandrung sagunung Urang teu bisa nolak Najan duriat sajagat Urang lir ibarat wayang Usik malik na ku dalang Anu teu wasa teu weunang Beureum hideung kumaha dalang Usikmalik na ku dalang Anu teu wasa teu weunang Beureum hideung kumaha dalang. Apan hirup ngalakon Saperti dina sinetron Caritana kedah pisah Nya hamo bisa dipondah . Urang teu bisa embung Najan laput rasa gandrung Urang teu bisa nolak Najan limpas ku ka beurat. Tarimakeun janten rangda Akang pasrah jadi duda Najan pait bari peuheur Teu bisa .